Selasa, 18 November 2014

Biografi Bacharuddin Jusuf Habibie (bahasa sunda)



Salah sahiji tokoh anu janten panutan kangge warga Indonesia jeung Presiden ka tilu Republik Indonesia, nyaeta Prof. DR Bacharuddin Jusuf Habibie dibabarkeun di Pare-Pre, Sulawesi  Selatan, pas tanggal 25 Juni 1936. Anjeunna mangrupakeun anak ka opat ti dalapan wargi. Putra ti Alm. Alwi Abdul Jalil Habibie sareng RA Tuti Marini Puspowardojo. Habibie anu nikah sareng Harsi Ainun Habibie pas tanggal 12 Mei 1962 ngagaduhan putra. Namina Ilhm Akbar sareung Tarekh Kemal. Sifat tegesna atos ditunjukeun Habibie waktos alitkeneh. Habibie nu ngagaduhan karesep tumpak kuda jeung maca ieu dikenal cerdas pisan tikawit masih sakola SD, tapi anjeunna kudu kaleungitan bapakna nu pupus pas tanggal 3 September 1950, kusabab serangan jantung waktos Habibie ngalaksanakeun netepan isha.

Teu lami saatos bapakna puupus, Ibuna ngajual bumi jeung mobilna terus pindah ka Bandung jeung Habibie. Ibuna ngabanting tulang kanggo khirupan anak-anakna terutami Habibie, kusabab kahayang kanggo diajar Habibie terus nuntut ilmu di Gouverments Middlebare School. Di SMA, anjeuna muli nonjol tina prestasina antawisna dina pelajaran eksakta. Habibie janten sosok favorit disakolahanna. Kusabab kacerdasannya, tos taman SMA di Bandung tahun 1954, anjeunn lebet ITB (Institt Teknologi Bandung), kusabab anjeunna dipasihan beasiswa ti MenDikBud kanggo di lajeungkeun kuliahna di Jerman.

Pas tahun 1955 di Aachean, 99% mahasiswa Indonesia nu diajar diditu dipasihan beasiswa full. Ukur Habibie anu ngagaduhan paspor hejo atawa swasta tibatan babaturanna nusanes. Musim liburan lain libur kangge anjeuna justru kasempetan emas nu kudu dieusi ku ujian jeung milariaan acis kanggo meser buku. Saatos libur, kabeh kagiatan dikagigirkeun iwalti diajar. Beda ti babatranna nusanes, maranehna nu lewih loba ngagunakeun waktu liburan musim pnan knggo digwe, milarian pangalaman jeung acis ku henteu ngiringan ujian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar